Jumat, 24 Maret 2017

kitab Daqo'iqul akhbar (terjemahan sunda)

            1. RUH NA NABI MUHAMMAD SAW

DIDAMEL NA RUH KANGJENG NABI MUHAMMAD SAW

Parantos di carioskeun dina hadist, satemen na gusti allah ngadamel hiji tangkal kai, Ari dahan na aya opat, anu di sebat na “Sajarotul yaqin” (Tangkal Yaqin). Tidinya gusti allah ngadameul Nur na kangjeng nabi Muhammad SAW  dina hijab (pipinding) tina inten nu bodas. Ari rupi na eta Nur sapertos manuk merak. Teras eta Nur di simpen di luhur sajarotul Yaqin tea, teras eta Nur maca tasbeh nu lami na 70 rebu taun. Tidinya teras gusti allah ngadamel “Mi’rotul Hayat” (eunteung kahirupan) teras di simpen di payuneun Nur kangjeng nabi Muhammad SAW
                Barang eta Nur ningali kana kaca katingali rupina kalintang sae na sareng kalintang ginding na, mangka eta Nur kalintang isin na ku gusti allah dugi ka cikaringetan, sareng cikaringet na netes genep tetesan.
                Tetesan ka hiji ku gusti allah di damel sayyidina abu bakar. Tetesan nu kadua sayyidina umar, tetesan katilu sayyidina ustman. Tetesan ka opat sayyidina ali ra. Tetesan kalima di damel aer mawar jeng tetesan ka genep di damel pare. Tidinya eta Nur kangjeng nabi Muhammad sujud 5x. mangka ngawajib keun gusti allah ka anjeuna sareng umat2 na sholat lima waktu


2.   NUR NA NABI MUHAMMAD SAW

NUR NA KANGJENG ROSULULLAH SAW DI TINGALI KU GUSTI ALLAH NU MAHA AGUNG


Tidinya terus Nur na kangjeng Nabi SAW di tingali ku gusti allah. Tina isin di tingali, mangka kaluar tina sakuliah salirna cikaringet. Ari ci karinget tina pangambung na di damel sadaya Malaikat.

Tina cikaringet raray na di damel 'arasy, kursyi, Laulhil Mahfud, qolam, panonpoe, Bulan, sadaya hahalang, sadaya bentang, sareng sadaya anu aya di langit.

Tina cikaringet dada na di dameul para NAbi, Para Rosul,Para ulama, para suhada, sareng sadaya jalmi anu sholeh.

Tina cikaringet Pungkurna di damel Baetul ma'mur, ka'bah, baetul Muqodas, sareng sadaya tempat-tempat masjid nu aya di dunya

Tina cikaringet jidat halis na di damel sadaya umat Muhammad SAW.

Tina cikaringet ceupil na di damel ruh na bangsa yahudimbangsa nasroni, kapir majusi, kapir munafik, sareng kaum anu sasar.

Tina cikaringet sampean na di damel bumi ti masyik dugi ka magrib sareng sagala barang anu aya di bumi. teras Gusti allah nimbalan ka eta Nur : "Hei Muhammad, tingali hareupeun anjeun..!!"

Barang di tingali hareupeuna na aya cahaya, sareng di pungkur na aya cahaya, di kiwa-teungeun na aya cahaya, nyaeta cahaya sahabat anu opat tea, sayyidina abu bakar sidiq,sayyidina umar, sayyidina utsman, sayyidina Ali rodliyyallahu 'anhum. tidinya teras eta ruh ngaos tasbeh 70 rebu taun.

teras gusti allah ngadamel arwah na sadaya ambiya tina cikaringet ruh na kangjeng nabi Muhammad SAW.

ari arwah na sadaya na ummat nabi-nabi tina ruh nabi na masing-masing.

sareng ngadamel arwah na ummay kangjeng nabi Muhammad SAW tina ruh na Nabi Muhammad SAW, mangka teras eta arwah pada ngucap "laa illahha ilallah Muhammadur rosulullah"

Tidak ada komentar:

Posting Komentar