Kamis, 30 Maret 2017

PEPELING TI JALMA LEUTIK

WASPADA DENGAN KANTONG BOCOR

 Waspadalah terhadap "KANTONG BOCOR"

 Ketika engkau berwudhu dengan sebaik2 wudhu, tapi engkau berlebihan dalam menggunakan air (kantong bocor)


 Ketika engkau bersedekah pada kaum fuqoro' dengan hartamu, tapi engkau merendahkannya, mempersulitnya(kantong bocor)


 Di malam hari engkau tahajjud di siangnya engkau puasa dan menta'ati tuhanmu, tapi engkau memutus tali silaturahmi(kantong bocor)


 Engkau puasa bersabar menahan lapar dan dahaga, tapi engkau mencela, mencerca, melaknat(kantong bocor)


 Engkau begitu memuliakan tamu MU, tapi ketika ia keluar engkau ikuti dengan menggibahinya(kantong bocor).


Yang terakhir....

✍janganlah engkau. Kumpulkan kebaikanmu ke dalam "kantong bocor".
✍di sisi lain engkau mengumpulkan kebaikan dengan jerih payah namun di sisi lain engkau menumpahkannya dengan mudah


 Yaa Allah..
Saya mohon kepadamu HIDAYAH dan AMPUNAN untukku dan untuk orang-orang yang aku cintai.

Jumat, 24 Maret 2017

kitab Daqo'iqul akhbar (terjemahan sunda)

            1. RUH NA NABI MUHAMMAD SAW

DIDAMEL NA RUH KANGJENG NABI MUHAMMAD SAW

Parantos di carioskeun dina hadist, satemen na gusti allah ngadamel hiji tangkal kai, Ari dahan na aya opat, anu di sebat na “Sajarotul yaqin” (Tangkal Yaqin). Tidinya gusti allah ngadameul Nur na kangjeng nabi Muhammad SAW  dina hijab (pipinding) tina inten nu bodas. Ari rupi na eta Nur sapertos manuk merak. Teras eta Nur di simpen di luhur sajarotul Yaqin tea, teras eta Nur maca tasbeh nu lami na 70 rebu taun. Tidinya teras gusti allah ngadamel “Mi’rotul Hayat” (eunteung kahirupan) teras di simpen di payuneun Nur kangjeng nabi Muhammad SAW
                Barang eta Nur ningali kana kaca katingali rupina kalintang sae na sareng kalintang ginding na, mangka eta Nur kalintang isin na ku gusti allah dugi ka cikaringetan, sareng cikaringet na netes genep tetesan.
                Tetesan ka hiji ku gusti allah di damel sayyidina abu bakar. Tetesan nu kadua sayyidina umar, tetesan katilu sayyidina ustman. Tetesan ka opat sayyidina ali ra. Tetesan kalima di damel aer mawar jeng tetesan ka genep di damel pare. Tidinya eta Nur kangjeng nabi Muhammad sujud 5x. mangka ngawajib keun gusti allah ka anjeuna sareng umat2 na sholat lima waktu


2.   NUR NA NABI MUHAMMAD SAW

NUR NA KANGJENG ROSULULLAH SAW DI TINGALI KU GUSTI ALLAH NU MAHA AGUNG


Tidinya terus Nur na kangjeng Nabi SAW di tingali ku gusti allah. Tina isin di tingali, mangka kaluar tina sakuliah salirna cikaringet. Ari ci karinget tina pangambung na di damel sadaya Malaikat.

Tina cikaringet raray na di damel 'arasy, kursyi, Laulhil Mahfud, qolam, panonpoe, Bulan, sadaya hahalang, sadaya bentang, sareng sadaya anu aya di langit.

Tina cikaringet dada na di dameul para NAbi, Para Rosul,Para ulama, para suhada, sareng sadaya jalmi anu sholeh.

Tina cikaringet Pungkurna di damel Baetul ma'mur, ka'bah, baetul Muqodas, sareng sadaya tempat-tempat masjid nu aya di dunya

Tina cikaringet jidat halis na di damel sadaya umat Muhammad SAW.

Tina cikaringet ceupil na di damel ruh na bangsa yahudimbangsa nasroni, kapir majusi, kapir munafik, sareng kaum anu sasar.

Tina cikaringet sampean na di damel bumi ti masyik dugi ka magrib sareng sagala barang anu aya di bumi. teras Gusti allah nimbalan ka eta Nur : "Hei Muhammad, tingali hareupeun anjeun..!!"

Barang di tingali hareupeuna na aya cahaya, sareng di pungkur na aya cahaya, di kiwa-teungeun na aya cahaya, nyaeta cahaya sahabat anu opat tea, sayyidina abu bakar sidiq,sayyidina umar, sayyidina utsman, sayyidina Ali rodliyyallahu 'anhum. tidinya teras eta ruh ngaos tasbeh 70 rebu taun.

teras gusti allah ngadamel arwah na sadaya ambiya tina cikaringet ruh na kangjeng nabi Muhammad SAW.

ari arwah na sadaya na ummat nabi-nabi tina ruh nabi na masing-masing.

sareng ngadamel arwah na ummay kangjeng nabi Muhammad SAW tina ruh na Nabi Muhammad SAW, mangka teras eta arwah pada ngucap "laa illahha ilallah Muhammadur rosulullah"

Bab whudu

Sumber : kitab parukunan / kifayatul ubbadiina hal 17



Bab didieu mertelakeun whudu jeng perkara anu nyangkut kana whudu, jeng anapun ari fardhu na whudu eta aya 6 perkara, nyaeta

1. Niat sabari di barengan jeng nganteulkeun cai kana beungeut
2. Ngumbah beungeut
3. Ngumbah leungeun dua, nepi ka siku
4. Ngusap sirah saeutik
5. Ngumbah suku dua serta dua mumuncangeun
6. Tartib (berurutan)

ieu lafadz niat whudu di waktu pas ngumbah beungeut anu pertama

نويت رفع الحدث الاصغر فرضا لله تعالى
"sejak kaula miceun hadast leutik fardhu karna allah ta'ala"

jeung nyakitu di sunnah keun dina sa memeh whudu teh "ta'awudz" jeng "bismillah" heula saperti maca : ِرَبّ اَعُوْذُ بِكَ مِنْ هَمَزَاتِ الشَّيْاطِيْنَ وَاَعُوْذُ رَبّ آَنْ تَحْضُرُوْن


Bersambung.....

Kamis, 23 Maret 2017


================ DAFTAR ISI ===============


Mangga di klik bab nu bade di tuju

2. BAB SHOLAT
4. KAUTAMAAN SHOLAWAT
6. 
9.






PENGETAHUAN UMUM

1. LARANGAN MENGKAFIRKAN SESAMA MUSLIM
2. 
3.
4.
5. PEPELING


JADWAL PANGAOSAN RUTIN

1. Malam Rabu : sholawat + baca QUR'AN (Khusus Laki - Laki) setiap minggu nya

2. Hari Kamis : sholawat + baca QUR'AN (Khusus Perempuan) setiap minggu nya

3. Setiap malam tgl 11 tiap bulan HIJRIAH nya : Manaqib + Sholawat (Khusus laki-laki) 
Santri ti ponpes lebak pasar citeureup 

Alamat : jln. PAHLAWAN No.05
desa karang asem barat kp. kaum RT 01 / 02
CITEUREUP - bogor 16810

WA : 0859 5977 4446
sms / tlp : 0857 1588 2777



============== Muqodimah ================

اَلسَّلَامُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ
بِسْمِ اللهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ  الْوَاحِدِ الْقَهَّارِ، اَلْعَزِيْزِ الْغَفَّارِ، مُكَوِّرُ اللَّيْلِ عَلَى النَّهَارِ، وَتَبْصِرَةٌ لِأُولِى الْقُلُوْبِ وَالْأَبْصَارِ، وَتَذْكِرَةٌ لِأُولِى الْأَلْبَابِ وَالْإِعْتِبَارِ. وَالصَّلَاةُ وَالسَّلَامُ عَلٰى مُحَمَّدٍ الْمُخْتَارِ، وَعَلٰى آلِهِ وَاَصْحَابِهِ الْأَخْيَارِ. أَمَّا بَعْدُ
فَقَدْ قَالَ اللهُ تَعَالٰى فِى الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ وَهُوَ أَصْدَقُ الْقَائِلِيْنَ أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ بِسْمِ اللهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا إِذَا قِيلَ لَكُمْ تَفَسَّحُوا فِي الْمَجَالِسِ فَافْسَحُوا يَفْسَحِ اللهُ لَكُمْ وَإِذَا قِيلَ انْشُزُوا فَانْشُزُوا يَرْفَعِ اللهُ الَّذِينَ آمَنُوا مِنْكُمْ وَالَّذِينَ أُوتُوا الْعِلْمَ دَرَجَاتٍ وَاللهُ بِمَا تَعْمَلُونَ خَبِيرٌ (المجادلة : ١١)
وَقَالَ النَّبِيُّ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ ((كُنْ عَالِمًا اَوْ مُتَعَلِّمًا اَوْ مُسْتَمِعًا اَوْ مُحِبًّا وَلَا تَكُنْ خَامِسًا فَتَهْلَكَ))
تَبَارُكًا فِى الدُّعَاءِ. اللهم صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَيْهِ... آمِيْن
اَللهم إِنِّى أَعُوْذُ بِكَ مِنْ عِلْمٍ لَا يَنْفَعُ وَقَلْبٍ لَا يَخْشَعُ وَعَمَلٍ لَا يُرْفَعُ وَدُعَاءٍ لَا يُسْمَعُ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ.

Teu aya kecap anu langkung megah, anu pantes diucapkeun ku hiji jalmi anu do’ifah, salian ti manjatkeun puja ka dzat Allah anu Maha Kawasa, Puji didugikeun ka dzat Allah anu Maha Suci, oge Syukur ka dzat Allah anu Maha Ghofur, nyatana Allah ‘azza wa jalla anu ngagaduhan sifat kasampurnaan jeung bersih tina sifat kakirangan.

اَلْمُتَّصِفُ بِكُلِّ كَمَالٍ وَالْمُنَزَّهُ عَنْ كُلِّ نَقْصٍ
Anu parantos maparin nikmat ka makhlukna anu patut ku urang disyukuran sanes dikufuran. Sakumaha Allah ngadawuh dina Al-Qur’an:
لَئِنْ شَكَرْتُمْ لأزِيدَنَّكُمْ وَلَئِنْ كَفَرْتُمْ إِنَّ عَذَابِي لَشَدِيدٌ
Shalawat مع salamna, mudah-mudahan dilimpah curahkeun ka buah manah  Siti Aminah penguasa Makkah pembuka syafa’ah, nyatana kengjeng nabi Muhammad saw., sakumaha imam Ibnu Malik  nyarioskeun dina baet terakhirna :
فَأَحْمَدُ اللهَ مُصَلِّيًا عَلٰى # مُحَمَّدٍ خَيْرِ النَّبِيِّ أُرْسِلَ
Oge henteu hilap ka para kulawargina ka para sohabatna oge ka urang sadayana salaku umatna mudah-mudahan kenging Syafa’atul’udzma ti mantenna.

alhamdulillah, dina kesempatan ieu insha allah sim kuring rek maparkeun sacoret kalimah nu aya dina pangemutan diri kuring,serta mugi2 tiasa nganjanten keun ilmu nu manfaat ka sarerea,khusus na ka kuring pribadi.

ku kitu na, kuring nu nuju di ajar maca jeng nulis (can nepi ka arah pemahaman) nyuhunkeun support na ti para pengunjung blog ieu, dina kalepatan tulisan na nyuhunkeun di pang lereskeun dikolom komentar nu tos di sediakeun di tiap2 bab pembahas.

serta mugi2 sing nga janten keun ganjaran nu sae kanggo guru2,ibu&rama,saderek,rencang2 kuring nu tos kersa mepelingan ka diri kuring tikapungkur dugi ka ayeuna jeng sateras na. moga2 tong bosen2 masihan mepeling ka kuring, tapi ulah galak teuing nyah...hehehehe

Mung sakitu wae panginten anu tiasa ku abdi didugikeun. Kirang langkungna nyuhunkeun dijemblongkeun lawang pangapunten nu saageung-ageungna. Ditutup kalayan do’a.

رَبَّنَا آتِنَا فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى الْآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ

وَالسَّلَامُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ

 jalma Dho'if

(kiki bayhaqi)
23-Mar-2017