Kamis, 27 April 2017

KAUTAMAAN BACA AL-QUR'AN 

Sim kuring rek maparkeun ka utama an maca al qur'an nu di tukil ku mama' ajengan kyai Haji IZZUDIN bin alm abuya Haji NAJMUDIN lebak sari citeureup bogor (ponpes lebak pasar citeureup)




Alhamdulillahi robbil 'alamiin. wa sholaatu wa salamu ala sayyidina nbiyil qari ilfashikh wa ala alihi wa shohbihi wa taabi'iina wa taabi'iihim wa jamii'i ummatil ijaabah. ammaa ba'du

eusi iyeu kitab aya 3 fashol jeng khotimah kenging ijazah ti guru2 ahlil quro' anu katalar al qur'an nyaeta pangersa mamaa' ajengan syamsudin sinagar, ka dua ajengan Alhaji Fakhrudin seula eurih, ka tilu kyai Alhaji Mada cempelang, ka opat kyai Alhaji jama'an. ieu sadaya anu di tata an sanad guru na langsung nepi ka kangjeng rosulullah sholallahu alaihi wa sallam.

muqodimah :
ari qur'an teh mu'jizat anu pang agung na anu di turunkeun ka kangjeng rosulallah sholallahu alaihi wa sallam. sehingga kyai anu nyagara ilmu na, tapi pelad dina maca qur'an na, maka hanteu kenging di jadikeun imam. ari unggulana na al qur'an nyaeta saperti hadist nabi shalallahu alahi wa sallam ieu
"AFDHOLU UMMATI MAN TA'ALLAMAL QUR'ANA WA 'ALLAMAHU"
(ari pang utami2 na jalma nyaeta jalma anu belajar qur'an tuluy di wurukeun deui ka batur)
jeng ari maca sholawat,zdikir,laahaula,istigfar,tasbih eta saperti maca qur'an, wajib kudu make ilmu tajwid sakumaha dauhan ulama rahimahumullahu ta'ala : 
"AMMAAL 'IBAADATUL LISAANIIATI MIN TILAAWATIL QUR'ANI WAL HAWQOLATI WA SHOLATI 'ALAN NABIYI SHOLALLAHU ALAIHI WA SALLAMA WAL AZKAARI WAL AWRAADI WAL ISTIGFARI WAT TASBIIHI YAJIBUL ITTIBAA'U ALA MAA WA RADAT"
(ari ibadah bangsa lisan nya' buktina tina maca qur'an jeng laahaula wa laa quwata illa billah, sholawat jeng dzikir istigfar jeng tasbih eta wajib kudu make ilmu tajwid. lamun hanteu bener maca na mending sare atawa ngopi.
jeng deui parantos ngadauh ulama ahlil qurro' rahimahumullah ta'ala :
"WA YAJIBU ALAL QORI'I MURAA'ATU AHKAAMIT TAJWIDI MIMMAA AJMA'A A'LAIHIL QURRO'U KAL MADDI WAL QOSHRI WAL IDGHOMI BIQOSMAIHI WAL IDZHARI WAL IQLABI WAL IKHFAI WA YAA TSAMU TARKUHU BIDZAALIKA"
(wajib ka jalma anu maca qur'an kudu ngaraksa tajwid na sakumaha anu ges di mufakatan ku ulama ahlil qurro' saperti ngaraksa panjang pondok na jeng idzghom bigunah atawa bilagunah na, idzhar jeng iklab na. lamun henteu make ilmu tajwid doraka jeng di laknat ku qur'an.

Ngajina ilmu tajwid teh hukum na fardhu qifayah, tapi dina pas maca na jatuh kana fardhu a'in terutama ka para imam selaku pengemudi nanggung para makmum.


1. pasal nerangkeun tata cara maca al-qur'an 

Ari maca al-qur'an meunang tawassuth nyaeta pertengahan antara gancang jeng lambat, meunang oge di baca Hazramah Tahzir nyaeta gancang, ngan dina Tahzir na ka bagi 2 bagian :
1. Hazar tegesna maca qur'an gancang tapi sabari bener kalawan ngaraksa hiji2 na huruf jeng ghunnah2 na
2. Hazar nu di baca na gancang, ngan sabari pincang baca an na, eta mah doraka karena ngarobah hiji2 na makhroj huruf jeng ghunnah2 na jeng hanteu bisa ngabedakeun antara panjang jeng pondok na,idzhar,idzghom,iklab,jeng ikhfa na, jeng nalika ngucapkeun rukun qouli dina jero sholat kudu jelas, sakira2 kadengean ku diri sorangan ku sabab upami kunyeum wungkul hiji tasydid fatihah anu 14 belas


bersambung.....



Tidak ada komentar:

Posting Komentar