Minggu, 21 Mei 2017

BAB PUASA & SHOLAT TARAWEH

BAB SHAUM (PUASA)


Ditulis ulang tina kitab parukunan

anapun ari ngarana puasa eta nahan tina perkara anu mantak ngabatalkeun kalawan niat .

pasal 1

ari syarat wajib puasa eta aya 4 rupa :
( 1 ) ISLAM
( 2 ) AKIL BALIGH
( 3 ) BOGA AKAL
( 4 ) KAWASA KANA PUASA (ngalakonan)

pasal 2

Ari pirang2 fardhu (wajib) na puasa eta aya 4 perkara
( 1 ) Niat
( 2 ) Nahan tina barang dahar jeng nginum
( 3 ) Nahan tina jima ti neurang
( 4 ) Nahan tina ngahaja utah

pasal 3

Jeng ari nu ngabatalkeun kana puasa eta aya 10 perkara
(1) Barang dahar / nginum (tibeurang)
(2) Ngasupkeun a'in kana jauf nyaeta liang anu nerus (ngajalur) kana beuteung
(3) Ngasupkeun seuseungitan tina salah sahiji na 2 jalan (qubul / dibur)
(4) Ngahaja utah
(5) Jima ti beurang
(6) Ngahaja ngaluarkeun mani (sperma) atawa kusabab pa anteul kulit lalaki jeng awewe (atau sajenis)
(7) Haid
(8) Nifas
(9) Ngajuru
(10) Murtad

pasal 4

Ari pasunatan puasa eta aya 3 rupa
(1) ngaburu2 buka dimana2 ges yakin surufna panon poe (datang waktu magrib)
(2) ngakhirkeun sahur
(3) Ninggalkeeun kana omongan2 bohong jeng omongan goreng

pasal 5

Jeng ari pirang2 poe anu di haramkeun puasa nyaeta
(1) poe lebaran (tgl 1 bulan Syawal)
(2) poe lebaran raya gung (idul adha / tgl 10 bulan haji)
(3) poe an tasyrik nyaeta tgl 11,12,13, bulan haji


far'un :

Jeng saha2 jalma anu jima tibeurang dina bulan puasa sabari ngahaja, maka wajib ka eta jalma Qodho jeng Qifarat. Ari Qifarat na nyaeta ngamerdekakeun abid.Lamun abid na teu aya maka eta jalma kudu puasa 2bulan tanpa putus, Lamun teu kawasa puasa 2bulan maka eta jalma kudu sedekah kadaharan ka 60 fakir / miskin sa urang na 1 MUD.

Jeng saha2 jalma maot,sedangkeun eta jalma boga qodhoaneun puasa wajib (romadhon) maka ahli keluarga na mere sedekah kadaharan ka fakir/miskin sa urang 1 MUD atau nu biasa disebut tea "FIDIYAH"
FIDIYAH oge berlaku ka jalma anu pikun,geuring parah jeng jalma uzzur (eta di wenagkeun)

Jeung lamun istri anu keur ngandung (hamil) atawa nyusuan di wenangkeun buka puasa/teu puasa ku sabab karna ngabahayakeun si calon budak (orok), tapi wajib ngodhoan jeng kifarat sajumlah poe (puasa) nu di tinggalkeun ku eta istri. tapi lamun ngan saukur ngabahayakeun diri na wungkul (si istri) maka di wajibkeun ngodhoan wungkul, teu wajib kifarat.

Jeng lamun aya jalma nu geuring ripuh atawa jalma anu nyanyabaan jauh (musafir) eta di wenangkeu buka puasa ngan wajib kudu ngodhoan

NIAT PUASA ROMADHON

1. Niat puasa romadhon nu di sakaliguskeun (sabulaneun) nga jaga poho

"NAWAETU SHAUMA SYAHRI ROMADHONA KULLIHI LILLAHI TA'ALA"
sejak kaula niat puasa bulan romadhon (sabulaneun) karna allah ta'ala

atawa

#   NAWAETU SHAUMA SYAHRI ROMADHONA KULLIHI TAKLIDAN LIL IMAM MALIKI FARDHOL LILLAHI TA'ALA"
sejak kaula niat puasa bulan romadhon (sabulaneun) taklid ka imam maliki fardgu karna allah ta'ala

(ijazah ti ponpes lebak pasar citureup "ASSYATROFY")

NB : niat diluhur di pake jeng puasa niat RAMADHAN sabulaneun jeng ngajaga dina poho na tina niat puasa nu sapopoe

2. Niat puasa nu sapopoe dina bulan romadhon

"NAWAETU SHAUMA GHODIN ADAI FARDHI SYAHRI ROMADHONI HADZIHI SANATI LILLAHI TA'ALA"
sejak kaula niat puasa poe isukan tina ngajalankeun  fardhu bulan romadhon taun ieu karna allah ta'ala"



DU'A BUKA PUASA

"ALLAHUMMA LAKASHUMTU WA BIKA AAMANTU WA A'LA RIZQIKA AFTHORTU YA WASI'AL MAGFIROTI BIROHMATIKA YA ARHAMAR ROHIMIIN"
ya allah. ngan ka gusti puasa abdi, sareng ka gusti iman abdi sareng karna rizqi gusti buka puasa abdi. wahai dzat nu ngahampuraan kalawan rohmat gusti. wahai dzat nu pang nya'ahan na na.


===================================================

PASAL BAB SHOLAT TARAWEH

ari sholat taraweh eta hukum na sunnah dina bulan romadhon kalawan mufaqoh para ulama ahlisunah wal jama'ah. Jeng ari loba na eta 20raka'at, kalawan di jieun 10x uluk sallam.
Jeng ari urang madinah mah ngalakonan taraweh na teh 36 raka'at. karena supaya ngakurkeun kana taraweh na urang mekkah. sabab urang mekkah mah midameul kana taraweh teh 20 raka'at, dina tiap2 2x uluk sallam sok di selang hela ku thowaf 7x kuriling.

tah ahli madinah mah pikeun ngagantian kana eta thowaf teh sok di gantian ku satarawehan, teges na ku 4 raka'at 2x uluk sallam. tapi ari buat salian ti urang madinah mah hanteu meunang ngaleuwihan kana 20 raka'at, ngan dimana-mana tiap 4 raka'at / 2x uluk sallam selang heula ku du'a (do'a)
tah ieu du'a na.....

"Allahumma sholi wa sallim a'la sayyidina muhammadin fil awaliina wal akhirina wa barik wa sallim. wa rodhiallahu ta'ala 'an sadatina ashabi sayyidina rosulillahi ajma'in... aamiin....
Allahuma inna nas aluka ridhoka wal jannata wa na'uzdubika min sukhthika wan naar,
Allahumma ajirna minanaar,yaa mujiiru (3x). birohmatika yaa arrhamar rohimin.
Sholli wa sallim a'la jamii'il ambiya i wal mursaliin. walhamdulillahi robbil aalamiin"....


Jeng ari waktu na sholat taraweh nyaeta saba'da sholat isya nepi ka bijil fajar shodiq, ari praktek na sholat taraweh nyaeta :
mimiti imam maca : "sholatan tarawihi rohimakumullah" atawa "sholatan tarawiihi aajarakumullah"
makmum jawab : Laa ilaha ilallahu wahdahu laa syariikalah, lahul mulku wa lahul hamdu yuhyii wa yumitu wa huwa ala kulli syai in qodir. Allahumma sholli ala sayyidina muhammad, wa ala ali sayyidina muhammad sholallahu alaihi wa salam"

tidinya terus takbiratul ihrom. kieu lafadz niat na

" USHOLLI SUNNATAT TARAWIH ROK'ATAINI IMAMAA / MA'MUMAA LILLAHI TA'ALA"
ALLAHU AKBAR....
(sejak kaula sholat sunnah taraweh dua raka'at sebagai imam / makmum karena allah ta'ala)


ari babacana na upama katalar mah nyaeta ku surat sa JUZ sa peuting, sahingga sabulan teh 30 ZUJ al-qur'an (khatam)
tapi lamun teu katalar mah meunang ku surat pondok bae sakumaha anu sok di jalan keun ku urang MESIR nyaeta raka'at ka :

1. alfatihah & Surat At-Takaatsur
2. alfatihah & kulhu (al-ikhlas)
tuluy baca : "allahuma sholi ala sayyidina muhammad, wa ala ali sayyidina muhammad sholallahy alaihi wasalam"

3. alfatihah & Surat Al-Ashr
4. alfatihah & kulhu (al-ikhlas)
tuluy baca : " fadlan minallahi wa nikmah wa maghfirotaw wa rohmah"

5. alfatihah &  Surat Al-Humazah
6. alfatihah & kulhu (al-ikhlas)
 tuluy baca : "allahuma sholi ala sayyidina muhammad, wa ala ali sayyidina muhammad sholallahy alaihi wasalam"

7. alfatihah & Al-Fiil
8. alfatihah & kulhu (al-ikhlas)
 tuluy baca : " fadlan minallahi wa nikmah wa maghfirotaw wa rohmah"

9. alfatihah & Surat Quraisy
10. alfatihah & kulhu (al-ikhlas)
 tuluy baca : "allahuma sholi ala sayyidina muhammad, wa ala ali sayyidina muhammad sholallahy alaihi wasalam"

11. alfatihah & Surat Al-Ma'uun
12. alfatihah & kulhu (al-ikhlas)
 tuluy baca : " al khalifatul ula lii sayyidina abi bakri shodiq, radhiallahuanhu"

13. alfatihah & Surat Al-Kautsar
14. alfatihah & kulhu (al-ikhlas)
 tuluy baca : "khalifatus tsaniatu lii sayyidina umar bin khotobi radhiallahu anhu"

15. alfatihah & Surat Al-Kaafiruun
16. alfatihah & kulhu (al-ikhlas)
 tuluy baca : " khalifatus tsalistsatu lii sayyidina utsman bin a'fan radhiallahu anhu"

17. alfatihah & Surat An-Nashr
18. alfatihah & kulhu (al-ikhlas)
 tuluy baca : "khalifatur robiatu lii sayyidi na ali bin abi tholib radhiallahu anhu wa karroma wajhah"

19. alfatihah & Surat Al-Lahab
20. alfatihah & kulhu (al-ikhlas)
 tuluy baca : "allahuma sholi ala sayyidina muhammad, yaa dzaljalaali wal ikram. wa rodhiallahu ta'ala an kulli shohabati ajma'in... aamiin..

terus imam maca do'a kamiliin :

اَللهُمَّ اجْعَلْنَا بِالْاِيْمَانِ كَامِلِيْنَ. وَلِلْفَرَائِضِ مُؤَدِّيْنَ. وَلِلصَّلاَةِ حَافِظِيْنَ. وَلِلزَّكَاةِ فَاعِلِيْنَ. وَلِمَا عِنْدَكَ طَالِبِيْنَ. وَلِعَفْوِكَ رَاجِيْنَ. وَبِالْهُدَى مُتَمَسِّكِيْنَ. وَعَنِ الَّلغْوِ مُعْرِضِيْنَ. وَفِى الدُّنْيَا زَاهِدِيْنَ. وَفِى اْلآخِرَةِ رَاغِبِيْنَ. وَبَالْقَضَاءِ رَاضِيْنَ. وَلِلنَّعْمَاءِ شَاكِرِيْنَ. وَعَلَى الْبَلاَءِ صَابِرِيْنَ. وَتَحْتَ لَوَاءِ مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ يَوْمَ الْقِيَامَةِ سَائِرِيْنَ وَاِلَى الْحَوْضِ وَارِدِيْنَ. وَاِلَى الْجَنَّةِ دَاخِلِيْنَ. وَمِنَ النَّارِ نَاجِيْنَ. وَعَلى سَرِيْرِالْكَرَامَةِ قَاعِدِيْنَ. وَمِنْ حُوْرٍعِيْنٍ مُتَزَوِّجِيْنَ. وَمِنْ سُنْدُسٍ وَاِسْتَبْرَقٍ وَدِيْبَاجٍ مُتَلَبِّسِيْنَ. وَمِنْ طَعَامِ الْجَنَّةِ آكِلِيْنَ. وَمِنْ لَبَنٍ وَعَسَلٍ مُصَفًّى شَارِبِيْنَ. بِاَكْوَابٍ وَّاَبَارِيْقَ وَكَأْسٍ مِّنْ مَعِيْن. مَعَ الَّذِيْنَ اَنْعَمْتَ عَلَيْهِمْ مِنَ النَّبِيِّيْنَ وَالصِّدِّيْقِيْنَ وَالشُّهَدَآءِ وَالصَّالِحِيْنَ وَحَسُنَ اُولئِكَ رَفِيْقًا. ذلِكَ الْفَضْلُ مِنَ اللهِ وَكَفَى بِاللهِ عَلِيْمًا. اَللهُمَّ اجْعَلْنَا فِى هذِهِ اللَّيْلَةِ الشَّهْرِالشَّرِيْفَةِ الْمُبَارَكَةِ مِنَ السُّعَدَاءِ الْمَقْبُوْلِيْنَ. وَلاَتَجْعَلْنَا مِنَ اْلاَشْقِيَاءِ الْمَرْدُوْدِيْنَ. وَصَلَّى اللهُ عَلَى مُحَمَّدٍ وَآلِه وَصَحْبِه اَجْمَعِيْنَ. بِرَحْمَتِكَ يَااَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ وَالْحَمْدُ ِللهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ

terus nangtung deui nyaeta rek ngalakonan sholat witir 3 roka'at di jieun 2x uluk salam, tapi anu utama mah witir teh 11 roka'at.


bersambung.............